Pangartian Karangan
Eksposisi:
Eksposisi nyaeta tulisan atawa karangan anu
eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji objek/kajadian, kumaha prosesna,
tujuanana, pikeun ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma, kumpulan jalma atawa
organisasi/kelembagaan.
Conto Bacaan dicandak tina Tabloid Sunda Urang:
Barudak yatim nu asalna ti
lima sakola di Bogor ngumpul di kampus IPB Dramaga Bogor
pikeu jadi mahasiswa cilik IPB salila 3 jam dina poe Saptu, 23 Februari 2013. Acara ieu dibere ngaran “Yatim Energik dan
Sehat” (YES) anu mangrupakeun program Yayasan Yatim Mandiri anu rutin diayakeun
unggal bulan. Yayasan Yatim Mandiri
nyaeta hiji yayasan/lembaga amil zakat nu husus dina ngurusanana barudak yatim
piatu. Yayasan nu kantor pusatna di Surabaya ieu mibanda 30
cabang anu aktip ngayakeun program-program kasehatan, pendidikan, jeung
pemberdayaan ekonomi. Katua Cabang
Yayasan Yatim Mandiri Bogor, Agus Budiarto, ngajelaskeun yen acara YES ngahaja
dilaksanakeun di kampus sangkan barudak yatim boga sumanget pikeun diajar
kalayan giat sangkan bias ngahontal pendidikan
nepikeun ka jenjang perguruan tinggi.
Salian ti eta, acara YES oge diraranggeuyan ku acara panyuluhan
kasehatan, pamariksaan kasehatan, sareng ngabagikeun kadaharan jeung inuman
sehat. Acara oge diranggeuy sareng
caramah ngeunaan panyakit cacingeun ku dosen IPB, nyaeta Dr. Mira Dewi, M.Si.
Tanggepan tina Eusi Bacaan:
Bacaan anu judulna “Budak
Yatim jadi Mahasiswa Cilik” nerangkeun hiji program anu dilaksanakeun ku
Yayasan Yatim Mandiri nyaeta program YES.
Dina bacaan ieu dijentrekeun maksud jeung tujuanana ngayakeun kagiatan
di kampus IPB. Pangarang parantos
ngedalkeun kaayaan yayasan ieu sanajan
sakilas, jadi anu bade diekspose ku pangarang nyaeta yayasan/lembaga ieu anu
parantos gaduh cabang dimana-mana sareng rupi-rupi programnya dina widang
kasehatan, pendidikan, sareng pemberdayaan masyarakat.. Hanjakalna, pangarang kirang seuseur
ngadadarkeun hal ihwal anu sejenna ti yayasan.
Anu disorotna mung kajadian di kampus IPB wae. Tujuanana memang tos dikedalkeun dina karangan
ieu, tapi prosesna dugi ka palaksanaan program ieu henteu dijentrekeun.
Sumber :http://prbasasunda.blogspot.co.id
Tidak ada komentar:
Posting Komentar